بسم الله الرحمن الرحيم
{ وَلَقَدْ ذَرَأْنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرًا مِنَ الْجِنِّ وَالْإِنْسِ لَهُمْ قُلُوبٌ لَا يَفْقَهُونَ بِهَا وَلَهُمْ أَعْيُنٌ لَا يُبْصِرُونَ بِهَا وَلَهُمْ آَذَانٌ لَا يَسْمَعُونَ بِهَا أُولَئِكَ كَالْأَنْعَامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ أُولَئِكَ هُمُ الْغَافِلُونَ }
“Jeung saenyana Kami geus ngajadikeun pikeun pangeusi naraka Jahannam kalolobaannana ti golongan jin jeung manusa, maranehna baroga hate tapi tara daek milikir (kana ayat-ayat Alloh), maranehna baroga panon tapi tara daek ningali (kana tanda-tanda kakawasaan Alloh), maranehna baroga ceuli tapi tara daek ngadarenge (kana ayat-ayat Alloh), maranehna saperti sato bahkan leuwih sasar, maranehna teh jalma-jalma anu tukang poho ka Alloh.” (QS. Al-A'rof : 179)
Sakabeh amal jawariah, amaliah dhohir/amal anu bangsa badan, boh anu wajib atawa anu sunnah, saperti Sholat, zakat, puasa, shodaqoh, tutulung kanu butuh tatalang kanu susah jeung sajabana, bisa dilaksanakeun kalawan maqbul lamun geus bisa merangan heula hawa nafsu alias akibat mujahadutun-nafsi.
Jalma moal bisa ngalaksanakeun Sholat lamun henteu unggul merangan kahoream, jalma moal bisa ngalaksanakeun puasa lamun henteu unggul merangan hubbus-syahawat (ngalajur syahwat) reujeung hubbut-tho'am (resep dahar), jalma munggah haji moal indit lamun henteu unggul merangan hubbud-dunya, jalma moal bisa tinggal zina lamun henteu unggul merangan syahwatna.
Nalika Kangjeng Nabi nuju giat-giatna da'wah nyebarkeun agama, ngajak manusa sangkan iman ka Alloh Ta'ala, urang Quraisy daratang ka Anjeunna bari ngaromong : "Lamun anjeun Muhammad berjuang teh hayang harta, kami rek mere, anjeun bakal dijadikeun jalma pangbeungharna sakota Mekkah, lamun anjeun hayang tahta, kami rek ngajadikeun anjeun pamingpin anu tertinggi, lamun anjeun hayang awewe panggeulisna satanah 'Arab, kami sanggup jang neangan keur anjeun!". Tapi Kanjeng Nabi ngawaler : "Kaula da'wah lain pedah hayang harta, lain hayang kakayaan, lain ngudag komara jeung kapangkatan, lain rek ngalajur hawa nafsu ngumbar amarah, tapi kaula utusan Alloh anu diserenan tugas pikeun nyebarkeun Qur'an jeung ngimankeun sakabeh manusa".
Rosululloh SAW, pamingpin ummat masihan conto ka ummatna kumaha carana anjeun mujahadah, merangan hawa nafsuna, atuh urang sebagai ummatna wajib nyonto ka anjeunna, urang kudu bisa merangan hawa nafsu, merangan syahwat jeung hubbud-dunya.
Ari Mujahadah teh merangan hawa nafsu, tapi berarti eta nafsu kudu dipareuman, kudu dileungitkeun, ngan eta nafsu kudu bisa dikendalikeun, kudu bisa dikuasai. Memang dina satu pihak nafsu teh aya madaratna kana diri pribadi, tapi dilain pihak nafsu teh aya manfaatna. Da manusa moal boga kahayang lamun leungit nafsuna, ngan eta nafsu ulah diumbar, ulah dijadikeun komando kana diri, pasti leumpangna kajurung ku nafsu, biwirna kajurung ku nafsu, leungeunna jeung sakabeh anggota badanna didorong ku nafsu.
Lamun anjeun henteu bisa ngendalikeun nafsu, tangtu nafsu bakal laluasa ngalindih anjeun, panon ditempokeun kanu teu halal, ceuli dipake ngadengekeun kanu haram, leungeun, suku jeung hate pasti digunakeun kanu teu halal ceuk Alloh, anu akhirna rupa wungkul jiga manusa, tapi hate jeung kalakuan jiga sato, bahkan leuwih hina tibatan sato. Sabab anu tukang ngalajur hawa nafsu mah ngaranna sato, da sato mah teu dibere akal. Sakumaha pidawuh Alloh anu disebat di luhur.
Numutkeun Syekh Ibnu 'Athoillah dina kitab Hikam :
( أَصْلُ كُلِّ مَعْصِيَةٍ وَغَفْلَةٍ وَشَهْوَةٍ اَلرِّضَا عَنِ النَّفْسِ، وَأَصْلُ كُلِّ طَاعَةٍ وَيَقْظَةٍ وَعِفَّةٍ عَدَمُ الرِّضَا مِنْكَ عَنْهَا )
"Ari asalna satiap kama'siatan, poho jeung syahwat eta teh ridlo kana ayana nafsu. Ari asalna sakabeh tho'at, nyaring hate jeung kariksa diri (tina ma’siat) eta ridlona anjeun mikangewa kana nafsu".
Ari anu pangheulana kudu diperangan teh hubbud-dunya, resep kana harta banda jeung kapangkatan, tapi lain ulah boga harta, ngan eta harta ulah jadi bengbatan, ulah ngabengbat nepika jadi mohokeun kana tugas jeung kawajiban diri sebagai hamba Alloh.
Ummat muslimin zaman kiwari leuwih resep milih koret tibatan ngorbankeun harta bandana pikeun majukeun agama jeung kasalametan dirina. Leuwih resep keneh harta bandana diparebutkeun ku anak incu daripada di waqofkeun jeung dishodaqohkeun kana jalan agama Alloh. Padahal agama Islam marentahkeun ummatna pikeun tho'at jeung ngaraksa tina ma'siat. Anu tho'at dipihak Qur'an jeung anu ma'shiat dipihak syetan. Lamun dunya tempat ma'siat wungkul, meureun dunya teh ngaranna naraka, lamun dunya tempatna tho'at wungkul atuh meureun ngaranna syurga. Tapi di dunya aya nu tho'at aya nu ma'shiat, ieu teh mangrupakeun lapangan mujahadah.
Imam Ghozali nyaurkeun ; "Mujahadatun-nafsi demi zuhud moal kahontal tanpa ma'rifat (eling ka Alloh), ari eling anu sampe kana tarap isin ku Alloh eta eling anu sampe kana tarap deuheus ka Alloh.
Anu maling nyahoeun kana gorengna maling, ngan eleh mujahadatun-nafsina, anu salah nyahoeun kana gorengna, ngan eleh mujahadahna. Anu tukang ma'siat oge nyahoeun yen eta teh goreng, ngan eleh jihadna.
Kulantaran kitu, umat muslimin jeung mu'minin kudu balap pabersih-bersih fikir ka Alloh, pasuci-suci hate ka Alloh sangkan ngameunangkeun mujahadah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar