بسم الله الرحمن الرحيم
{وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِنَ الْخَوْفِ وَالْجُوعِ وَنَقْصٍ مِنَ الْأَمْوَالِ وَالْأَنْفُسِ وَالثَّمَرَاتِ وَبَشِّرِ الصَّابِرِينَ() الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُمْ مُصِيبَةٌ قَالُوا إِنَّا للهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُونَ() أُولٰۤئِكَ عَلَيْهِمْ صَلَوَاتٌ مِنْ رَبِّهِمْ وَرَحْمَةٌ وَأُولٰۤئِكَ هُمُ الْمُهْتَدُونَ }
"Jeung saestuna Kami bakal mere cobaan ka aranjeun kabeh kunaon bae perkara, tina kasieun, kalaparan, kurang harta, gangguan jiwa jeung kaku-rangan buah-buahan. Jeung anjeun kudu mere pikabungaheun kasakebeh anu sobar, nyaeta jalma-jalma anu dimana meunang musibat, maranehna sok ngucapkeun " saestuna abdi sadaya eta kagungan Alloh, jeung bakal mulih ka Mantenna. Maranehna anu bakal meunang Kurnia jeung Rohmat ti pangeran, jeung meunnang pituduh." (QS. Al-Baqoroh : 155-157)
Sakabeh jalma pasti bakal dicoba ku Alloh kumangrupa cobaan pait atawa cobaan amis, anu eta cobaan kudu disanghareupan ku sakabeh jalma. Ari cobaan pait anu ditibakeun ku Alloh ka manusa diantarana
1. Khouf, (dibere rasa sieun), loba karingrang jeung kahariwang, sok inggis ku bisi. Sieun ku perkara anu can bukti, bingung ku lampah pikahareupeun, hatena teu bisa tenang asa aya anu ngudag-ngudag.
2. Kalaparan (krisis ekonomi), dibere halodo lila, datang bencana alam, jsb.
3. Kakurangan harta, saperti dagang rugi, pangkat turun, jsb.
4. Krisis jiwa, saperti gering, tugenah hate, meunang panghina, aya anu ngarogahala, terjadi pereng, jsb.
5. Kakurangan bubuahan, saperti tani teu hasil, pare ku hama, harga bubuahan murah.
Lamun nyanghareupan cocoba anu pait kudu shobar, saur Alloh jalma anu shobar pasti bakal meunang kabungahan. Dina ayat diluhur tadi disaurkeun , yen anu bakal meunang untung jeung kabungah mah jalma–jalma anu shobar, sarta ieu jalma anu shobar bakal disarengan ku Alloh.
{ إِنَّ اللهَ مَعَ الصَّابِرِينَ }
" Ari Alloh eta sarta jalma-jalma anu shobar.” (QS. Al-Baqoroh: 153)
Ari jalma anu disarengan ku Alloh pasti bakal meunang opat perkara;
1. Bakal meunang pitulung jeung Rohmat Alloh.
2. Bakal Muroqobah ka Alloh, rasa diri deukeut jeung Alloh, rasa diteuteup jeung ditingali ku Alloh, dirina asa paduduan jeung Alloh.
3. Bakal betah jeung tengtrem hate sanajan meunang mushibat. Sakumaha anu kaalaman ku Nabi Adam as, ngaraos betah najan mayunan mushibat, shobar sanajan ku Alloh diturunkeun kadunya. Nabi Ibrohim as, betah sanajan dijagrakkeun kana durukan, malah malaikat Jibril anu rek nulungan kalah dipiwarang nyingkah. Nabi Ayyub as, betah teu ngarasula meunang kasakit anu sakitu lamina. Nabi Yunus as, oge betah calik dina jero lauk. Nabi Yusuf as, betah calik dina pangbuian, malah anjeuna sasauran :
{كَذَلِكَ حَقَّتْ كَلِمَةُ رَبِّكَ عَلَى الَّذِينَ فَسَقُوا أَنَّهُمْ لَا يُؤْمِنُونَ}
"Nun gusti ! abdi leuwih resep di pangbuian tibatan nuturkeun pangajak maranehannana.” (QS. Yusuf : 33)
4. Bakal dipasihan syurga jeung naek darajat, sakumaha dawuhan Alloh dina surat Ar-Ro'du :
{ سَلَامٌ عَلَيْكُمْ بِمَا صَبَرْتُمْ فَنِعْمَ عُقْبَى الدَّارِ }
“Ari kasalametan eta pikeun aranjeun sabab aranjeun geus salabar, maka kacida pisan alusna akibat di eta lembur (syurga).” (QS. Ar-Ro'du : 24)
Ari cirina jalma anu shobar nyaeta lamun meunang musibat lain timbul ngarasula atawa putus asa, tapi anu maca Istirja' :
{ إِنَّا للهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُونَ }
Bari sanes wungkul dina letah, tapi tembus kana rasa. Letahna ngucapkeun kalimah Istirja' dibarengan ku hate anu sumerah diri ka Alloh bari imanna ngandelan. Letah sakadar talatah hate, hate tembus kana rasa, rasa bawaning iman. Makhluq meunang nyebut teu kira-kira jeung teungteuingeun, tapi saur Alloh mah meunang ngira-ngira jeung ngahaja.
Maka letah keur nyebutkeun "innaa lillahi" hate pasrah sumerah nyanggakeun sagala rupina ka Alloh.
1. Nyanggakeun sagala rupina ka dampal Gusti yen abdi kagungan Gusti, abdi teu tiasa kumaha-kumaha.
2. Nyanggakeun ka Gusti bade kumaha bae oge teu langkung Gusti.
3. Nyanggakeun ka dampal Gusti kedah kumaha abdi, margi abdi bade wangsul ka dampal Gusti.
Malahan maca istirja' teh sanes keur meunang musibat wangkul, tapi nguping dimana aya batur meunang musibat oge sunat maca Istirja'. Saperti si anu cilaka, aya nu maot, aya nu keur nandangan bahaya, baca Istirja', sanggakeun sadayana ka Alloh. Malah saena mah babalik fikir teh dina tiap bade kulem, malar urang tiasa tobat tina kalakuan goreng dina poe tadi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar