Rabu, 17 Juni 2015

Papaes Jeung Syahwat Dunya Jadi Cocoba Sakaligus Sarana Menuju Kabahagiaan Surg



KH. Abdul Aziz Affandymiftahul-huda.com

Alloh nyiptakeun dunya mangrupa papaés kaendahan pikeun manusa. Di dunya moal eureun tina kahayang anu dipikahayang, sahingga beurat pikeun urang bisa ngendalikeun diri pikeun menuju ka Allah kecuali caangna cahaya iman. Jelasna kayakinan bakal ngabalikeun urang tina papaés dunya. Kusabab kitu, ngalakukeun perkara anu nimbulkeun kakuatan iman teu meunang eureun.

Penjelasan

Alloh ngadawuh dina surat Al-Kahfi ayat 7 :

إِنَّا جَعَلۡنَا مَا عَلَى ٱلۡأَرۡضِ زِينَةٗ لَّهَا لِنَبۡلُوَهُمۡ أَيُّهُمۡ أَحۡسَنُ عَمَلٗا ٧

“Saéstuna kami geus ngajadikeun saniskara anu aya di ieu bumi jadi papaés eukeurna, pikeun kami nyoba maranéhna saha ti antara anu panghadé-hadéna amalna”.
Dunya diciptakeun ku Alloh SWT. kalawan jadi papaes/kagindingan (kaendahan). Katempo endahna dunya ku panon, kadenge merenahna ku ceuli jeung satuluyna. Oge Alloh SWT maparin papaes pikeun manusa kana syahwat (kahayang).

Dawuh Alloh dina QS. Ali Imron ayat 14 :

زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ ٱلشَّهَوَٰتِ مِنَ ٱلنِّسَآءِ وَٱلۡبَنِينَ وَٱلۡقَنَٰطِيرِ ٱلۡمُقَنطَرَةِ مِنَ ٱلذَّهَبِ وَٱلۡفِضَّةِ وَٱلۡخَيۡلِ ٱلۡمُسَوَّمَةِ وَٱلۡأَنۡعَٰمِ وَٱلۡحَرۡثِۗ ذَٰلِكَ مَتَٰعُ ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَاۖ وَٱللَّهُ عِندَهُۥ حُسۡنُ ٱلۡمَ‍َٔابِ ١٤

“Geus dipapaesan jalma-jalma teh ku mikacinta kasenangan nafsu, nyaeta awewe, anak-incu, emas-perak anu loba mangpikul-pikul, kuda tunggang anu pinilih, sato ingon-ingon, sawah jeung kebon. Nya kitu papaes dunya teh, tapi di Alloh mah aya tempat mulang nu leuwih hade”.
Sairing leumpangna waktu, urang hirup di alam dunya tambah umur tambah kahayang, tambah umur tambah wawasan, tambah umur tambah harapan nu patali jeung ambisi ngaraih mangpirang-pirang papaes dunya. Urang salaku manusa moal eureun, moal ngarasa cukup, moal ngarasa puas terkait syahwat/ambisi di alam dunia tapi bakal ngarasa kurang jeung butuh. Da tos jelas didawuhkeun ku Alloh SWT.

Dina sakabeh bentuk nasib kahirupan, rek nu beunghar, nu miskin, nu jadi pengusaha, pejabat, rakyat, rek dimana wae, salila disebut keneh manusa jeung dunya mah bakal saling patali/berkaitan.

Tapi sing emut, aya dawuh Alloh SWT. dina akhir ayat Al-Kahfi : 7

.... لِنَبۡلُوَهُمۡ أَيُّهُمۡ أَحۡسَنُ عَمَلٗا ٧

Yen sagala rupa kahirupan di alam dunya teh mangrupakeun rangkaian ujian ti Alloh, nu dina akhirna dunya bakal pisah jeung urang, atawa sumawonna urang bakal pisah ninggalkeun dunya. Lain nalika urang geus teu butuh, tapi malihan bisa wae nalika urang keur reresepna kana eta dunya.

Kakara ge urang boga mobil weuteuh, heug dikersakeun mobil teh aya nu maling. Kakara ge beres ngabangun imah dikersakeun musibah kahuruan, kakara ge rek niat rumah tangga der kalah dikawin batur, loba deui conto-conto bentuk kahirupan sejenna. Atawa bisa wae bentuk pisahna dunya teh urang nu dicabut nyawa ku Alloh SWT., urang maot ninggalkeun dunya.

Nu jadi permasalahanna nyaeta, kumaha carana sangkan dina pisahna urang jeung dunya -boh dina nalika dunya nu leungit ti urang, sumawonna nalika urang balik ka akherat (maot)- urang aya dina kaayaan tenang hate dipikaridlo ku Alloh, aya dina husnul khotimah ?

Teu aya deui carana kecuali eling ti ayeuna, kandelan imanan ku jalan taqwa. Sabab, kacida bahaya jeung cilaka nalika urang teu sadar/teu eling yen bakal pisah jeung dunya menuju kana kahirupan nu abadi, akherat.

Numawi saur Syekh Ibnu Ath-Thoillah (Al-Hikam hal. 100 juz 1) :

لَوْ أَشْرَقَ لَكَ نُوْرُ الْيَقِيْنِ لَرَأَيْتَ الآخِرَةَ أَقْرَبُ إِلَيْكَ مِنْ أَنْ تَرْحَلَ إِلَيْهَا، وَلَرَأَيْتَ مَحَاسِن الدُّنْيَا قَدْ ظَهَرَتْ كَسْفَةَ الْفَنَاءِ عَلَيْهَا.

“Lamun wae cahaya iman caang dina hate anjeun, tah yakin bakal apal yen akherat teh dekeut pikeun anjeun tibatan lumaku menuju ka akherat. Jeung yakin bakal apal anjeun kana jelas ruksakna (fana) papaes dunya”.
Dina hartos, sagala hal anu matak nimbulkeun kakuatan iman sabisa mungkin ulah dieureunan, malihan kudu leuwih ningkat. Sangkan kaimanan tambah kuat nyaeta ku jalan ngalaksanakeun parentah Alloh jeung ninggalkeun larangan-Na.

Numawi, dunya jeung eusina mangrupakeun papaes kaindahan pikeun manusa, oge Alloh ngadawuhkeun dina diri manusa aya kahayang (syahwat) anu bakal terus tambah. Tapi didawuhkeun ku Alloh yen dunya jeung eusina teh mangrupakeun lahan ujian pikeun manusa, nyakitu deui oge syahwat (ambisi, obsesi). Proses diri ngahindar tina fitnah dunya teh beurat, bisa dilakukeun ku jalan terus jeung terus diajar “ngadongkrak” ningkatkeun kaimanan diri. Lamun teu kitu, maka urang bakal jadi korban dunya, Naudzubillahi min dzalik.

Mudah-mudahan urang sing dipaparinan pitulung ku Alloh sangkan ningkat dina kaimanan, Amin Ya Robbal Alamin.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar