Rabu, 17 Juni 2015

Kautamian Romadlon Kaitannana sareng Kaimanan


Oleh  KH. Jaja Abdul Jabbar
www.miftahul-huda.com

Sakedap deui urang bakal mayunan sasih Romadlon. Urang sadayana kedah nyiapkeun manah anu lega pikeun mapagkeun sumpingna sasih Romadlon. Aya katerangan anu nyaurkeun :

مَنْ فَرِحَ بِدُخُوْلِ رَمَضَانَ حَرَّمَ اللهُ جَسَدَهُ عَلَى النِّيْرَانِ

“Saha jalma anu ngarasa bungah ku manjingna bulan Romadlon, maka Alloh ngaharamkeun jasad eta jalma asup kana naraka”.
Nyakitu, memang pantes moal pati-pati jalma ngarasa bungah ku asupna bulan Romadlon, kajaba kadorong ku kayakinan sareng kaimanan kana sagala rupa kaagungan jeung kautamaan anu aya dina sasih Romadlon. Nyatana maghfiroh Alloh, rohmat Alloh, kaberkahan sinareng manglipet-lipet ganjaran anu baris dipasikeun ku Alloh dina sasih Romadlon. Kusabab kitu, maka hatena ngarasa bungah nalika nyanghareupan bulan nu marema ku kasaean.

Beda jeung jalma nu kurang iman jeung kayakinan, datangna bulan Romadlon moal matak jadi kabungah, malahan mungkin disanghareupan ku hoream, sabab bertolak belakang jeung hawa nafsu. Nu mana dina bulan Romadlon bakal nyanghareupan rasa lapar, nahan haus anu ngalawanan kana hawa nafsu, tangtu lamun kurang iman jeung kayakinan lain bungah malihan leuwih susah.

Numawi pantes katerangan tadi, jalma nu ngarasa bungah kudatangna bulan Romadlon tinangtu didasaran ku kayakinan jeung kaimanan, maka Alloh ngaharamkeun jasadna asup naraka.

Sababaraha kautamian anu aya dina sasih Romadlon, diantawisna nyaeta :

1. Bulan Romadlon mangrupakeun bulan maghfiroh. Katampi ti Abi Hurairoh Ra. Rosululloh Saw. parantos ngadawuh :

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إيْمَاناً وَاحْتِسَاباً غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ (متفق عليه).

“Saha jalma anu puasa dina bulan Romadlon karna kadorong ku iman sinareng karena Alloh, maka eta jalma bakal dihampura sakabeh dosana anu tos tiheula”.
Tegesna dosa nu tos kaliwat tanpa kudu menta hampura, asal ngalaksanakeun puasa didasari ku iman, ikhlas semata-mata karna Alloh, maka tos aya dina jaminan Alloh bakal ngahampura sakabeh dosa nu tos kaliwat. Atuh, puasa bisa jadi kifarat tina dosa.

2. Dina bulan Romadlon aya hiji wengi nu disebut Lailatul Qodar. Dimana kaagungan Lailatul Qodar parantos didawuhkeun ku Alloh SWT. dina surat Al-Qodar ayat 3 :

لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ خَيۡرٞ مِّنۡ أَلۡفِ شَهۡرٖ ٣

“Maleman nu mulya teh leuwih hade batan 1000 bulan”.
Lamun diitung, sabaraha taun ari 1000 bulan teh?, Dina sataun eta aya 12 bulan, tuluy ayeuna 1000 dibagi 12 hasilna nyaeta 83,4. Atuh jalma nu bisa ibadah dina Lailatul Qodar, eta nilaina langkung sae tibatan ibadah 83 tahun lebih 4 bulan, kacida luar biasa. Teu aya dina wengi sasih nu sanes waktos anu dilipat gandakeun pahala ibadah kajaba dina sasih Romadlon.

Ari dilipat gandakeunna pahala ningali kana 3 faktor :

- Ningali kana pelakuna, conto sapertos amal-amalan anu dilakukeun ku para Shahabat, eta luar biasa dibanding jeung nu sanesna. Dugi ka Rosululloh Saw. ngadawuhkeun :

لَوْ أَنْفَقَ أَحَدُكُمْ مِثْلَ أُحُدٍ ذَهَباً مَا بَلَغَ مُدَّ أَحَدِهِمْ وَلَا نَصِيْفَهُ

“Lamun bae salasahiji aranjeun ngainfaqkeun sagede gunung Uhud tina emas, maka nilai pahalana moal nepi kana sa mud anu diinfaqkeun ku para Shahabat, malah moal nepi kana satengahna ge”.
Ari para Shahabat eta Auliyaulloh (para Wali Alloh), infaqna sanaos saalit tapi bobotna luar biasa ageungna, sabab dina manahna aya Shidqu (bener-bener ikhlas teu aya motif sanes).

- Ningali dina tempatna, saperti Masjidil Harom sareng Masjid Nabawi. Sehingga pami ngalakukeun kasaean di Masjidil Harom eta sabanding 100.000 kasaean diluar Masjidil Harom. Conto sholat Dhuha 2 roka’at di Masjidil Harom eta sami sareng sholat sunat 300 tahun di luar Masjidil Harom. Pami di Masjid Nabawi dilipet gandakeun 1000 lipet, conto saperti netepan Dhuha 2 rokaat dimasjid Nabawi sami sareng sholat Dhuha 3 tahun di luar masjid Nabawi.

- Ningali kana waktuna, sapertos dilipat gandakeuna pahala ibadah nu dilakukeun dina Lailatul Qodar. Sahingga dina sawengi eta nilai pahalana leuwih alus tibatan 1000 bulan atanapi 83 tahun leuwih 4 bulan. Eta ayana dina bulan Romadlon nu sakedap deui bakal dongkap.

Jalmi anu ngaharepkun kasaean-kasaean ganjaran anu seueur ku ayana Romadlon nu bakal dongkap, pasti hatena bakal ngarasa bungah sabab bakal bisa nepi kana rupa-rupa kahadean anu seueur dina bulan Romadlon.

3. Puasa dina bulan Romadlon nyaeta hiji-hijina ibadah anu dipilih ku Gusti Alloh, sahingga ibadah puasa Romadlon mah disebutna ge “jang Kami”. Alloh SWT ngadawuhkeun dina Hadits Qudsi, anu diriwayatkeun ku Rosululloh Saw. :

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللّهِ : قَالَ اللّه: كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ لَهُ إِلَّا الصِّيَامَ فَإِنَّهُ لِي وَأَنَا أَجْزِي بِهِ.

“Katampi ti Abi Hurairoh Ra. Rosululloh Saw. parantos ngadawuh : Alloh SWT. parantos ngadawuh : Sakabeh amal-amal kahadean manusa eta pikeun manehna kecuali puasa (Romadlon), karna ari puasa mah jang Kami, jeung Kami bakal ngabales ka manusa ku sabab ngalakukeun eta puasa”.
Dina hartos puasa teh hiji-hijina amal anu deukeut kana ikhlas, sahingga dilakukeun semata-mata karna Alloh. Hubungannana antara diri jeung Alloh, sabab teu aya bentuk dhohir anu nuduhkeun yen diri keur puasa. Sedengkeun ari amal-amal anu sejen memang hese dilakukeun kalawan ikhlas, dina hartos deukeut kana riya (hayang kapuji ku manusa).

4. Puasa teh mangrupakeun hiji ibadah anu teu aya batasan gede ganjaranna. Rosululloh Saw. ngadawuhkeun :

اَلصَّوْمُ نِصْفُ الصَّبْرِ. (رواه الترمذي)

“Ari puasa teh satengah tina kashobaran”. (HR. Ath-Thirmidzi)
Disambungkeun kana Dawuh Alloh SWT. dina surat Az-Zumar ayat 10 :

.....إِنَّمَا يُوَفَّى ٱلصَّٰبِرُونَ أَجۡرَهُم بِغَيۡرِ حِسَابٖ ١٠

“......Ngan wungkul jalma-jalma anu salabar anu dicumponan ganjaranana tanpa wilangan teh”.
Diibaratkeun saperti jalma anu meunang gaji mangrupa cek, anu teu ditangtukeun sabaraha nominal angkana, tegesna bebas jumlah artosna ditangtukeun kunu narimana.

Tah nyakitu oge puasa, Alloh SWT. teu masihan batesan ganjaran pikeun jalma anu puasa dina bulan Romadlon. Gumantung kumaha tingkatan puasana, kantun urang nyiapkeun kualitas puasa nu sae.

Mudah-mudahan urang sadaya dipaparinan kakiatan dina ningkatkeun kualitas puasa dina sasih Romadlon nu bakal dongkap, sahingga tiasa kenging rupi-rupi kautamian anu dipaparinkeun ku Alloh SWT. dina sasih Romadlon. Amin Yaa Robal Alamin.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar