Senin, 04 Mei 2015

TAQORRUB KA ALLAH


بسم الله الرحمن الرحيم

Alloh parantos ngadawuh dina Hadits Qudsi anu dimuat dina Hadits Arba'in :

مَنْ تَقَرَّبَ إِليَّ شِبْراً تَقَرَّبْتُ إِلَيْهِ ذِرَاعاً، وَمَنْ تَقَرَّبَ إلَيَّ ذِرَاعاً تَقَرَّبْتُ إِلَيْهِ بَاعاً

“Saha jalma anu ngadeukeutkeun diri ka Kami sajeungkal, Kami bakal ngadeukeutan ka manehna sasiku, jeung saha jalma anu ngadeukeutan ka Kami sasiku, Kami bakal ngadeukeutan ka manehna sadeupa.”

Lafadz Taqorrub anu kahiji mangrupakeun jumlah, anu kadua oge jumlah. Sedengkeun nurutkeun ilmu Nahwu, ari jumlah teh kaasup kana nakiroh, nurutkeun ilmu Bilaghoh, lamun aya lafadz nokiroh di tikror, anu kahiji lain anu kadua,

وَمَا مِنَ الْقَوَاعِدِ الْمُشْتَهَرَةْ * إِذَا أَتَتْ نَكِرَةٌ مُكَرَّرَةْ
تَغَـايَرَا وَ إِنْ يُعَـرَّفْ  ثَانِيْ * تَوَافَقَا كَــــذَا الْمُعَرَّفَانِ

Jadi Taqorrubna makhkluq beda jeung taqorrubna Alloh. Ari taqorrubna manusa ka Alloh nyaeta kujalan :
1.    Tafakkur,
2.    Migawe amal sholeh,
3.    Ridlo kana papasten jeung taqdir ti Alloh.

1.    Tafakkur,
Ari tafakkur nyaeta mikir atawa inget kana pimaoteun. Inget yen diri teh moal lana hirup didunya, tapi awal akhir pasti bakal mulih ka jati mulang ka asal.  Diri asalna tina taneuh engke ge rek balik deui kana taneuh, ayeuna aya di alam dunya teh keur ngumbara, keur neangan bekel bawaeun mulang sabab diri bakal dihadapkeun ka Alloh, bakal ditanya tina sagala kalakuan anu dilakukeun diwaktu keur kumelendang di alam pawenangan.

2.    Amal sholeh
Ari amal sholeh nyaeta migawe amal, rek anu mahdloh atawa anu ghoer mahdloh bari diberangan ku 3 perkara :
1)   Migawe didorong ku rasa bakti ka Alloh,
2)   Karna ngalaksanakeun parentah jeung tugas Alloh, ibadahna lain kupedah betah, lain ku pedah hayang dipikanyaah, lain pedah aya pangbibita atawa ka dorong ku perkara sejen, tapi estu pedah ngalaksanakeun tugas jeung parentah Alloh. Tugasna  mah rek mangrupakeun tugas pribadi atawa tugas umum.
3)   Tujuannana karena Alloh, hayang meunang ridlo Alloh, lain kana Hubbud Dunya, Hubbul Jah (neangan dunya, pangkat) jsb.

Lamun kumpul ieu syarat anu tilu kakara jadi amal sholeh, atuh lamun henteu kumpul anu tilu, lain amal sholeh. Sanajan nincak dina parentah Alloh ari henteu diniatan 'ibadah jeung henteu dibarengan ku hate hayang meunang ridlo Alloh eta lain amal sholeh. Saperti anu Sholat, ku Sholatna hayang meunang pujian ti batur, atawa anu pahili nempatkeun Maa Dlumin (urusan Alloh /perkara anu ditanggung jawab ku Alloh), saperti hasilna ganjaran ladang wadah jeung hasilna rizqi ladang usaha. Jeung Maa Thulib (tugas diri), saperti dagang karena hayang bati, tani hayang hasil pare, da hasil jeung henteuna mah eta urusan Alloh (Maa dlumin). Ari Maa Thulib na (tugas diri) mah usahana. Lain anu dagang ulah hayang bati, anu tani ulah hayang pare, da pangna dagang oge hayang meunang bati, pangna tani oge hayang aya hasilna, ngan eta kahayang ulah matak mohokeun jeung ulah matak ngelehkeun kana hayang meunang ridlona Alloh. Oge kudu diniatan seja 'ibadah, niat pikeun nganafakahan anak pamajikan, da sanajan bentukna dagang  atawa tani lamun dicantelkeun kana wajib jadi wajib. Ari mere nafakah ka anak pamajikan teh hukumna wajib, sedengkeun moal bisa mere nafakah lamun henteu usaha. Atuh eta usaha teh jadi wajib, ngan sok sanajan usaha wajib ulah matak mohokeun jeung ninggalkeun kawajiban anu sejen anu leuwih poko, saperti Sholat, zakat jsb.

3.    Ridlo kana papasten jeung taqdir ti Alloh
Sakabeh kajadian anu tumiba kadiri rek hasil usaha atawa lain, rek dihaja atawa henteu eta mangrupa taqdir Alloh anu kudu ditarima diri. Sabab sanajan henteu ditarimakeun tetep eta taqdir moal robah. Da taqdir teu bisa punglir kadar teu meunang di singlar.

 مَا يَفْتَحِ اللهُ لِلنَّاسِ مِنْ رَحْمَةٍ فَلَا مُمْسِكَ لَهَا وَمَا يُمْسِكْ فَلَا مُرْسِلَ لَهُ مِنْ بَعْدِهِ وَهُوَ الْعَزِيزُ الْحَكِيمُ

“Moal aya anu bisa nyengker kana Rohmat anu dipasihkeun ku Alloh kamanusa, jeung moal aya nu bisa muka kana Rohmat anu di sengker ku Alloh  saba'dana. Jeung ari Alloh eta anu gagah tur pengkuh.” (QS. Fathir : 2)

Lamun jalma anu geus bisa taqorrub ka Alloh kujalan ngalakonan anu tilu, maka Alloh bakal ngadeukeutan ka eta jalma. Ari ngadeukeutannana Alloh ku opat jalan :

1)   Ku du’a, sakumaha dawuhannana :
 وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ فَلْيَسْتَجِيبُوا لِي وَلْيُؤْمِنُوا بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ
“Dimana abdi Kami nanyakeun masalah Kami ka anjeun, saenyana Kami eta deukeut, Kami ngaijabah du'ana jalma anu ngadu'a ka Kami, maka kudu ngagugu kana parentah kami jeung kudu ariman ka kami, supaya salawasna meunang pituduh” . (QS. Al-Baqoroh : 186)

2)   Ku Ma'unah / pitulung,

3)   Ku dikifaratan dosa, dawuhannana :
وَالَّذِينَ آٰمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ لَنُكَفِّرَنَّ عَنْهُمْ سَيِّئَاتِهِمْ وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَحْسَنَ الَّذِي كَانُوا يَعْمَلُونَ
“Jeung ari jalma-jalma anu ariman jeung migawe kana amal sholeh, pasti Kami bakal ngifaratan kana sakabeh dosana jeung Kami bakal ngabales kunu leuwih hade tibatan amalna.”(QS. Al-Ankabut : 7)

4)   Ku di bere kama'rifatan.

Kusabab kitu lamun diri hayang diijabah du'a sarta dibere pitulung jeung kama'rifatan geura taqorrubkeun diri ka Alloh kujalan anu tilu tadi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar